Selasa, 17 Januari 2023

MARC MARQUEZ ALENTA

   Marc Márquez Alentà (lahir 17 Fébruari 1993) nyaéta tukang balap motor Grand Prix urang Spanyol sarta dalapan kali juara dunya kajuaran Grand Prix, nu genep di antarana dina kelas MotoGP.[1][2][3] Márquez balap pikeun tim pabrik Honda saprak manéhna ancrub dina MotoGP taun 2013.[4] Manéhna minangka salah sahiji ti opat tukang balap nu geus meunang gelar juara dunya dina tilu kategori nu béda, sanggeus Mike Hailwood, Phil Read sarta Valentino Rossi


Márquez juara Kajuaraan Dunya 125cc taun 2010 ,[6][7] juara Kajuaraan Dunya Moto2 taun 2012 ,[8][9] sarta juara Kajuaraan Dunya MotoGP taun 2013, 2014, 2016, 2017, 2018 jeung 2019. Márquez jadi purah balap nu mimiti saprak Kenny Roberts dina taun 1978 pikeun ngalengkepan gelar kelas utama dina usum balap munggaranna, sarta nu pangngorana pikeun ngahontal gelar sagemblengna.[10] Manéhna bisa nahan gelarna, jawara kajuaraan taun 2014.[11] Manéhna téh lanceukna Álex Márquez jawara dunya Moto3 taun 2014.[12] Márquez mapakan rékor Grand Prix sapanjang mangsa pikeun posisi pole dina umur 23, taun 2016, hiji rékor nu dicepeng ku manéhna sorangan taun 2017

Kajuaraan Dunnya 125cc
Édit
Lahir di Cervera, Catalonia, Spanyol, Márquez miluan debut kajuaraanna dina 13 April 2008 di Grand Prix Portugal 125cc taun 2008 dina umur 15 taun 56 poé.[14]


Márquez dina Dutch TT 2010.
Kameunangan saterusna di Silverstone, Assen sarta Catalonia dina tilu balapan saterusna nu ngalantarankeun Márquez jadi purah balap panggorana nu meunang opat balapan terus-terusan.[15] Kameunangan kalimana di Sachsenring nyaéta kameunangan Derbi nu ke-100 dina balapan Grand Prix, sarta Márquez jadi purah balap mimiti saprak Valentino Rossi taun 1997 meunang lima kali balapan terus-terusan di kelas 125cc.[16]

Manéhna kurang suksés dina balapan ieu, turun ka posisi katilu di klasemén kacék hiji niléy di tukangeun Nicolás Terol sarta Pol Espargaró sanggeus kacilakaan jeung Randy Krummenacher dina péngkolan kahiji di Grand Prix Aragon .[17] Meunangna kasepuluh usum ieu manéhna jadi mapakan rékor nu dicekel ku Rossi taun 1997.[18] Manéhna bakal gagal ngahontal juara, mangsa manéhna ngan di posisi kaopat dina balapan panungtung di Valencia pikeun jadi juara dunya pangngoranna kadua sanggeus Loris Capirossi.

Kajuaraan Dunya Moto2
Édit

Márquez di Grand Prix 2011 Républik Czech.
Márquez pindah ka kelas Moto2 taun 2011 [19] Manéhna anggeus ka 21 di Portugal, saencan kameunangan kahijina di kelas ieu di Grand Prix Prancis.[20] Di Catalonia, Márquez anggeus kadua di tukangeun pamingpin juara Stefan Bradl, saencan labuh di Silverstone, sanggeus start ti posisi kahiji di Moto2 munggaranna, kalayan Bradl ngahontal kameunanganna kaopatna dina genep balapan mimiti, Márquez nuturkeun manéhna kalayan peunteun 82 di ahir minggu.[21] Márquez nyieun ronjatan klasemén kajuaraan di tengah-tengah usum balap ieu, ngan ukur meunangkeun niléy genep ti tujuh balapan pikeun ngudag Bradl di klasemén kajuaraan.[22]

Di Grand Prix Jepang, Márquez di posisi pole katujuh tapi meunang di posisi kadua ditukangeun Andrea Iannone,[23] tina kameunangan éta dikombinasikeun kalayan Bradl di possisi kaopat nu ngalantarankeun Márquez jadi pamingpin juara kalayan meunang peunteun.[24] Di Grand Prix Autralia , Márquez kalibet kacilakaan jeung Ratthapark Wilairot mangsa latihan bébas; Márquez nabrak kana tonggong Wilairot, sarta Márquez dihukum finalti samenit waktu kualifikasina.[25][26]

Saencan Grand Prix Malaysia, Márquez negeskeun yén manéhna baris tetep di Moto2 nepi ka taun 2012,[27] sanggeus rumor ngeunaan pindahna ka kelas MotoGP. Ahir minggu balapan Márquez elat dina menit pambukaan sési latihan bébas munggaran, mangsa manéhna labuh di aspal nu beueus.[28] Manéhna teu bisa milu balapan, sakumaha manéhna gagal ujian médis saméméh pamanasan balap isuk-isuk.[29] Márquez milu balapan ahir usum ieu di Valencia, kalayan harepan bisa séhat pikeun balapan, tapi ngundurkeun diri ku sabab masalah panempo nu terus beuki parna, antukna gelar juara dipimilik ku Brad

Márquez sanggeus meunang Grand Prix Amérika 2014
Usum balapan mimiti dilaksanakeun di Losail Qatar, salila balapan manéhna start kalayan rata-rata mimiti nyirorot ka posisi 4 di lap kahiji, Márquez neruskeun balapanna terus sarta kalibet ngadu jajatén jeung Valentino Rossi, ahirna meunang kalayan 0,259 detik.[56] Manéhna ogé nuluykeun pikeun meunangkeun rintakan kalima di Texas,[57] Argentina,[58] Spanyol?,[59] Prancis,[60] and Italy,[61] sakabéhna ti posisi pole.

Di Grand Prix Catalan, Márquez gagal ngahontal posisi pole – kualifikasi katilu sanggeus kacilakaan salila sési lumangsung  – tapi sanggeus nahan serangan ti batur satimna Pedrosa, sarta pasangan Yamaha Jorge Lorenzo jeung Rossi, Márquez bisa meunang balapan katujuhna sakaligus, ngaronjatkeun peunteun kaunggulan kajuaraanna jadi 58 kalayan Rossi.[62] Álex Márquez adina meunang balapan Moto3, kulawarga Márquez meunang balap kajuaraan dunya Grand Prix dina poé nu sarua.[63] Baraya sakandung ngulang préstasi deui di Dutch TT dua minggu tiharita.[64] Di Grand Prix Jérman, Márquez meunang deui balapan, ku kituna jadi purah balap pangngorana nu meunang salapan kali sakaligus dina kelas Utama.[65]

Kalayan kameunanganna nu kasapuluh sakaligus di Indianapolis, Márquez jadi purah balap katilu pikeun ngahontal gelar juara di kelas utama, sanggeus Mick Doohan jeung Giacomo Agostini.[66]

Márquez ngalaman mimiti éléh di Brno,[67] tapi meunang balap saterusna di Silverstone, ngéléhkeun Jorge Lorenzo.[68] di Misano, Márquez labuh nalika ngadu jajatén pikeun mingpin lomba jeung Valentino Rossi.[69] Márquez jeung Pedrosa tabrakan dina balapan hujan di Aragon sarta anggeus di posisi ka 13[70] jeung ka14, kalayan Lorenzo meunang balapan munggaran taun ieu sanggeus manéhna eureun leuwih awal ti posisi katilu pikeun ngaganti motor nu diséting baseuh .[71] Márquez ngahontal gelar kaduana di Motegi kalayan sésa balap tilu rintakan deui .[11][72] Di Phillip Island, Márquez di posisi pole ka 12 dina usum ieu, mapakan catetan rékor Casey Stoner taun 2011, tapi manéhna labuh nalika mingpin balapan,[73] nu munggaran teu anggeus saprak Grand Prix Itali 2013. Manéhna meunang ka 12 kali dina sausum, mapakan rékor Mick Doohan kameunangan kelas utama dina sausum , taun 1997.[74] Hasil Márquez ogé cukup hadé pikeun Honda pikeun ngaku juara pabrikan, kalayan balapan masih nyésa.[75] Dina balapan panungtung di Valencia, Márquez meupeuskeun rékor Doohan, kalayan 13 kali meunang dina sausum.[76]

2015
Édit
Usum MotoGP 2015 dimimitian ku Márquez, sakali deui, keur favorit pikeun jadi juara, tapi manéhna anggeus balapan di posisi kalima di Qatar, sanggeus ngalakukeun kasalahan dina péngkolan ka 1 manéhna nyirorot ka posisi ka 25.[77] Manéhna meunang di balapan kadua di Texas, kameunangan katilu kalina sakaligus di Sirkuit Amérika.[78] Manáhna anggeus di posisi kadua di tukangeun Jorge Lorenzo in Spanyol, sanajan balap kalayan ramo leungeun kéncana potong sanggeus kacilakaan, saminggu saméméh balapan.[79] Manéhna nyiap Cal Crutchlow nu kacilakaan di lap 22, Márquez bajoang dina balapan nu beurat pikeun posisi kaopat kalayan Bradley Smith jeung Andrea Iannone, nu balapan kalayan taktak kénca tatu, sarta pamustunganana Márquez anggeus di posisi kaopat di hareupeun Iannone